Latihan Soal Online - SD/MI - SMP/MTs - SMA | Kategori: Semua Soal SMP Bahasa Sunda (Acak)
Kampung Gedé
Kasepuhan Ciptagelar Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.
Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.
Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.
Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
A. Di Kampung Sukamulya, Désa Cisampih, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Sukabumi.
B. Di Kampung Sukamulya, Désa Buniseuri, Kacamatan Cikubang, Kabupatén Sukabumi.
C. Di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
D. Di Kampung Sukamulya, Désa Sinaresmi, Kacamatan Cisalak, Kabupatén Sukabumi.

Preview soal lainnya: Guguritan - Bahasa Sunda Semester 2 Genap SMP Kelas 8
Persib
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
Deudeuh geugeut ka Persib
Dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
Nu urang Sunda
Nu uing nu silaing
Dumasar kana rumpaka Pupuh Durma nu judulna Persib guru lagu padalisan ka-3 nyaéta (a).
A. Bener
B. Salah
Cara Menggunakan : Baca dan cermati soal baik-baik, lalu pilih salah satu jawaban yang kamu anggap benar dengan mengklik / tap pilihan yang tersedia.
Materi Latihan Soal Lainnya:
- Kuis IPA SD Kelas 6
- PAT Bahasa Arab MI Kelas 3
- PAT Ganjil PPKn SMP Kelas 7
- Ulangan Penjaskes PJOK SD Kelas 3
- Bab 4 Iman Kepada Rosul - PAI SMA Kelas 11
- PAS Semester 1 Ganjil Penjaskes PJOK SMP Kelas 8
- PKn Tema 5 SD Kelas 5
- Penjaskes PJOK Bab 1-10 SMP Kelas 9
- Penjaskes PJOK SMA Kelas 10
- Seni Budaya - SD Kelas 5 Semester 1
