
Latihan Soal - SD/MI - SMP/MTs - SMA | Kategori : Semua Soal
Latihan Soal Bahasa Sunda - SMP Kelas 8
Preview:
Naon ari nu dimaksud kawih teh?
A. Lalaguan sunda anu kauger ku aturan pupuh
B. Lalaguan sunda anu teu kauger ku aturan pupuh
C. Lalaguan sunda anu kasohor
D. Sajak anu dihaleuangkeun
Dumasar kana kamekaran waktu, kawih baheula anu ayana saacan jaman Jepang nya eta ….
A. Kawih kiwari
B. Kawih jaman Jepang
C. Kawih buhun
D. Kakawihan
Naon bedana Kawih jeung Tembang ?
A. Kawih teu kauger ku aturan, sedengkeun Tembang kauger
B. Kawih kauger ku aturan, sedengkeun Tembang teu ka uger
C. Kawih kauger ku aturan, kitu oge Tembang kauger
D. Kawih teu kauger ku aturan, kitu oge Tembang teu kauger
Si budi hayoh we bulak-balik sakola, sanajan keur Covid ge
Kalimah di luhur ngandung kecap rajekan …
A. Dwimurni
B. Dwireka
C. Dwimadya
D. Dwipurwa
Anu kaasup kana kecap rajekan dwimadya nya eta …
A. Pupusti
B. Bulak-balik
C. Jalma-jalma
D. Sababaraha
Kawih kabagi jadi 2 unsur nya eta …
A. Unsur intinsik jeung ekstrinsik
B. Unsur lahir jeung unsur batin
C. Unsur sastra jeung unsur seni
D. Unsur internal jeung unsur eksternal
Wawanian si wawan ka urang.
kalimah di luhur kaasup kana kecap rajekan …
A. Dwimurni
B. Dwipurwa
C. Dwireka
D. Dwimadya
Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
A. Tema
B. Nada
C. Rasa
D. Amanat
Naon ari nu dimaksud rumpaka teh?
A. Lirik
B. Nada
C. Sajak
D. Tulisan
“trang treng trong” kaasup kana kecap rajekan …
A. Dwimurni
B. Dwireka
C. Trilingga
D. Dwimadya
Tentang LatihanSoalOnline.com
Latihan Soal Online adalah website yang berisi tentang latihan soal mulai dari soal SD / MI Sederajat, SMP / MTs sederajat, SMA / MA Sederajat hingga umum. Website ini hadir dalam rangka ikut berpartisipasi dalam misi mencerdaskan manusia Indonesia.