Latihan Soal Online - SD/MI - SMP/MTs - SMA | Kategori : Bahasa Sunda
Kampung Gedé
Kasepuhan Ciptagelar Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.
Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.
Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.
Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
A. Di Kampung Sukamulya, Désa Cisampih, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Sukabumi.
B. Di Kampung Sukamulya, Désa Buniseuri, Kacamatan Cikubang, Kabupatén Sukabumi.
C. Di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
D. Di Kampung Sukamulya, Désa Sinaresmi, Kacamatan Cisalak, Kabupatén Sukabumi.

Preview soal lainnya: US Bahasa dan Sastra Sunda SD Kelas 6
Kacaritakeun jaman baheula di Tatar Sunda, aya hiji kulawarga nu eusina kubudak awéwé kabéh, opatan. Indung bapana geus lila maot. Si bungsu ngaranna Nyi Bungsu Rarang, masih léléngohan ari lanceuk-lanceukna geus karawin.
Hiji mangsa si Bungsu keur nyeseuh di Cigedé. Ningali lauk dina cai nu sakitu alusna. Anéhna lauk téh bet nurut ka si Bungsu. Atuh lauk téh dicokot terus dibawa ka imah jang diingu di balong di
pakarangan imah.Barang lauk geus gedé, sagedé pingping munding déwasa, meureunan. Lanceuk-
lanceukna harayangeu éta lauk, rék dipais. Padahal si Bungsu moal wanieun dageus dianggap batur sorangan sarta dibéré ngaran leungli.
Gancangna carita antukna lauk téh dipais ku lanceuk-lanceukna teras dituang, nyésakeun huluna keur si Bungsu. Si Bungsu ceurik kanyenyerian bari ngubur hulu lauk hareupeun imah. Isukna pe-cenghul jadi kembang eros nu kacida éndahna.
Dongéng si leungli asalna ti daérah ….
A. Sumatra Barat
B. Jawa Barat.
C. Jawa Timur.
D. Kalimantan Barat.
Cara Menggunakan : Baca dan cermati soal baik-baik, lalu pilih salah satu jawaban yang kamu anggap benar dengan mengklik / tap pilihan yang tersedia.
Materi Latihan Soal Lainnya:
- Bahasa Mandarin SD
- IPA Tema 4 Subtema 1 SD Kelas 5
- TIK Semester 2 Genap SD Kelas 1
- Penerapan Radio dan Televisi (PRTV) SMK Kelas 12
- PTS 1 Bahasa Inggris SD Kelas 4
- PAT Tema 6 SD Kelas 4
- Ulangan Tema 9 SD Kelas 4
- IPA Tema 8 dan 9 SD Kelas 5
- Perkembangbiakan Tumbuhan - IPA SD Kelas 5
- PAS 1 Ganjil IPA SMP Kelas 8
