
PAT Bahasa Sunda SMP Kelas 8
Latihan soal pilihan ganda PAT Bahasa Sunda SMP Kelas 8 dan kunci jawaban.
“Ibu Guru nembe … panataran ti Bandung.”
Basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta……..
_
A. mulang
B. mulih
C. balik
D. wangsul
Jawaban:
Upama nilik kana wangunna, guguritan teh kaasup kana….
A. puisi
B. prosa
C. esey
D. drama
Jawaban:
“Manehna turun ka handap sanggeus menerkeun kenteng nu bocor”
Kalimah diluhur kaasup gaya basa….
_
A. ngasor (litoteas)
B. ocon (metonimia)
C. kadalon ( pleonasme)
D. mijalma (personafikasi)
Jawaban:
Nu kaasup sarat-sarat jadi pamandu acara nyaeta…..
A. sora kudu tarik pisan
B. kalimah nu diucapkeun bebas
C. ngagunakeun basa nu bener
D. ngutamakeun penampilan pakean
Jawaban:
Kalimah dihandap nu kaasup kana gaya basa kadolon (pleonasme) nyaeta…..
A. Kuring mules beuteung, loba teuing ngadahar rujak
B. Abdi bade meser mobil butut
C. Wah hebat, manehna mah geus kabeuli Panther
D. Daun kalapa ngagupayan
Jawaban:
“Cing, pangmeulikeun kopi ka warung, Jang!”
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah parentah…..
_
A. nyaram
B. menta/nitah
C. maksa
D. ngajak
Jawaban:
Hiji carita disebut carita pondok ditilik tina…..
A. panjang caritana bisa dibaca kurang ti sajam, bagianna saeutik
B. palakuna loba jeung konflikna rumit
C. panjang caritana teu bisa dibaca kurang ti sajam, bagianna loba
D. bagianan loba, patempatan ilahar ngan salokasi
Jawaban:
“Teu babari jadi juri kelas teh, lantaran sainganna loba”
Antonim tina kecap “babari”,nyaeta….
_
A. cape
B. hese
C. handap
D. ruksak
Jawaban:
Tengetan sajak ieu dihandap!
“Indung, hampura abdi tina sagala kalepatan”
Napas demi napas anjeun terus ngadoakeun abdi..
Nyieun abdi tiasa kajaga jeung ngarasa bagja nepi ayena..
Indung nu ku abdi di pikanyaah..
Mugi-mugi gusti allah nangtayungan anjeun salamina..
Indung..
Hampurakeun abdi tina sagala kalepatan, kasalahan, kaangkuhan, kakurangan..
Abdi ucapkeun hatur nuhun pisan kanggo indung kuring..
Sampalan (penggalan) sajak diluhur ngagambarkeun kaayaan anu….
A. gumbira
B. ambek
C. bingung
D. pikaseudiheun
Jawaban:
Nu kaasup gaya basa ocon (metonimia) nyaeta……
A. sora suling kadenge siga nu ceurik
B. Pun anak mah da teu kantos sakola
C. Imas teh bentang kantos VIII-6
D. Saban poe Wawan sakolana kana Kijang
Jawaban:
Dina diskusi tugas moderator nyaeta….
A. ngamankeun acara diskusi
B. mere tanggapan diskusi
C. nulis hasil diskusi
D. mandu acara diskusi
Jawaban:
Pangna dingaranan kasenian topeng blantek teh lantaran…..
A. kabeh pamaen marake topeng
B. nu ngibing make topeng
C. nu mintonkeun bobodoran make topeng
D. dina panggung digantung-gantungkeun topeng
Jawaban:
Puisi nu kauger ( terikat ) ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisa dina sapadana ( setiap bait ) disebut…
A. Sajak
B. Pupujian
C. Pupuh
D. Guguritan
Jawaban:
“jalan ka Puncak teh mani….” kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah nyaeta….
A. amis
B. seungit
C. nanjak
D. lada
Jawaban:
“Mobil anyar teh majuna mani….”
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah, nyaeta…..
A. alus
B. gancang
C. loba
D. pinter
Jawaban:
“Sabada ngadugikeun salam kawileujeungan, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka saderek sadaya, teu hilap ka Bapa sareng Ibu guru anu parantos kersa ngaluuhan ieu rapat.”
Pedaran kalimah di luhur teh mangrupa….
A. panutup
B. bubuka
C. kacindekan
D. biantara pangdeudeul
Jawaban:
Nu kaasup rangkey laporan perjalanan nyaeta….
A. tujuan, tempat, waktu, kagiatan, biaya perjalanan
B. tujuan, tempat, waktu, pamilon, kagiatan
C. tujuan, tempat, waktu, biaya perjalanan, kagiatan
D. tujuan, tempat, waktu, bekel perjalanan, kagiatan
Jawaban:
Nu teu kaasup ( tidak termasuk ) pupuh sekar alit, nyaeta….
A. Ladrang
B. Durma
C. Balakbak
D. Sinom
Jawaban:
“Bahan baju teh ngan cukup keur saurangeun.”
Kecap asal tina kecap saurangeun dina kalimah diluhur nyaeta….
_
A. urang
B. saurang
C. urangeun
D. saurangeun
Jawaban:
Ninggang mangsa nu utama
Ninitih winci nu mustari
Urang kabeh rek paturay
Geus jadi takdir ti Gusti
Papasten nu Maha Suci
Mungguh mantenna nu ngatur
Kahirupan ieu alam
Nu endah teu aya tanding
Mantenna teh anu Maha Murbeng Alam
Guru lagu jeung guru wilangan anu bener tina padalisan ka 9 nyaeta …..
A. 12-a
B. 8-i
C. 7-i
D. 8-u
Jawaban:
“Angin teh mani gede kieu. Cing panto teh ….”
Kecap anu anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta…..
_
A. panganteurkeun!
B. pangjualkeun !
C. pangalungkeun !
D. pangnutupkeun !
Jawaban:
Solawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, ka kulawargina, tur dugi ka urang salaku umatna.
Ungkara diluhur teh di omongkeun ku pangjejer acara dina bagean…
_
A. Do’a
B. Eusi
C. Bubuka
D. Panutup
Jawaban:
Pilih kalimah bubuka anu merenah pikeun muka acara diskusi !
A. Parasaderek, di payuneun urang sadaya parantos siap kelompok lima anu baris medar perkawis “Tatakrama”
B. Waktos anu disayogikeun dina ieu sawala the 30 menit
C. Salaku moderator sim kuring nganuhunkeun khususna ka kelompok lima
D. Teu hilap sim kuring neda dihapunteun,bilih salami mancen janteun moderator masih keneh seueur kakirangan
Jawaban:
Ieu dihandap ditataan runtuyan nu sok aya dina acara resmi, iwal ( kecuali )…
A. Niup lilin jeung motong kueh
B. Acara poko
C. Bubuka
D. Pangbagea/ sambutan
Jawaban:
“Lamun urang jadi jalma perceka”
Harti kecap anu digaris handap nyaeta…..
_
A. daek dina sagala hal
B. teu mampu ngalakukeun nanaon
C. bodo dina pangaweruh
D. pinter/ahli sagala dina pagawean
Jawaban:
Materi Latihan Soal Lainnya:
- Persiapan PAT PAI SD Kelas 2
- PAS PAI dan Budi Pekerti SMA Kelas 12 IPS
- Kegiatan Ekonomi - IPS SD Kelas 4
- Mapel Seni Budaya SMP Kelas 8
- PAT Aqidah Akhlak MI Kelas 2
- Sosiologi Bab 3 SMA Kelas 12
- Tata Surya - IPA SD Kelas 6
- PPKn SMP Kelas 8
- Nabi Ilyas dan Nabi Ilyasa - PAI SD Kelas 5
- PTS PPKn SD Kelas 2
Tentang LatihanSoalOnline.com
Latihan Soal Online adalah website yang berisi tentang latihan soal mulai dari soal SD / MI Sederajat, SMP / MTs sederajat, SMA / MA Sederajat hingga umum. Website ini hadir dalam rangka ikut berpartisipasi dalam misi mencerdaskan manusia Indonesia.