
Latihan Soal - SD/MI - SMP/MTs - SMA | Kategori : Semua Soal
Latihan Soal Pakeman - Bahasa Sunda Semester 2 Genap SMP Kelas 9
Preview:
Daun kalapa lir gugupay kaasup gaya bahasa…
A. Mijalma
B. Ngupamakeun
C. Kadalon
D. Rahul
Anu kaasup kana paribasa wawarang luang nyaèta …
A. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna
B. Cul dogdog tinggal igel
C. Mapatahan ngojay ka meri
D. Ngeupeul ngahuapan manèh
Pangmiceunkeun tampolong..
Ungkara diluhur kaasup
A. Paribasa
B. Babasan
C. Rakitan lantip
D. Gaya basa
Ungkara basa anu kejecapanna geus matok miboga harti injeuman disebut…
A. Pakeman basa
B. Bahasan
C. Sisindiran
D. Guguritan
Sukapura ngadaun ngora…
Ungkara di luhur teh kaasup…
A. Cacandran
B. Caturangga
C. Rakitan lantip
D. Uga
Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeing pasipatan jelema disebut…
A. Babasan
B. Rakitan lantip
C. Paribasa
D. Cacandran
Anu di maksud bahasan nyeta ..
A. Tulisan anu goreng
B. Tulisan anu panjang
C. Tulisan anu bagus
D. Tulisan anu medar hiji perkara
Ngasurkeun seuneu kaasup kana…
a. Caturangga
b. Uga
C. Rakitan lantip
d. Babasan
Beungeutna pias kawas kapas kaasup kana gaya bahasa ..
A. Mijalma
B. Ngumpamakeun
C. Kadalon
D. Rahul
Monyet ngagugulung kalapa kaasup kana…
a. Paribasa
b. Babasan
c. Cacandran
d. Uga
Tentang LatihanSoalOnline.com
Latihan Soal Online adalah website yang berisi tentang latihan soal mulai dari soal SD / MI Sederajat, SMP / MTs sederajat, SMA / MA Sederajat hingga umum. Website ini hadir dalam rangka ikut berpartisipasi dalam misi mencerdaskan manusia Indonesia.