Latihan Soal Online

Latihan Soal Online - Latihan Soal SD - Latihan Soal SMP - Latihan Soal SMA


Latihan Soal Ujian Semester 1 Bahasa Sunda SMP / MTs Kelas 8


Preview Soal Acak Ujian Semester 1 Bahasa Sunda SMP / MTs Kelas 8

Mulai Latihan :


Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ….
a. prolog
b. dialog
c. palaku
d. monolog


Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus dimuat dina media massa disebut ….
a. esey
b. artikel
c. carpon
d. wawaran


Dina usum … mah loba sawah kagaringan.
a. ngijih
b. hujan
c. sasalad
d. halodo


Rarangken tukang –na anu ngandung harti “waktu” nyaeta ….
a. bapana
b. indungna
c. sawahna
d. tujuhna


Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?
Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola
Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?
Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah
minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?
Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak
Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?
Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi

————

Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?
a. Bu Eli
b. Bu Susi
c. Bu Tuty
d. Dada


Dupi Bapa iraha bade mulih teh ?
Kalimah di luhur teh ngandung harti ….
a. ngajak
b. nanya
c. marentah
d. nyarek


Pilih mana anu kaasup kalimah resiprokatif !
a. Dede jeung Ujang keur parebut cocoan
b. Dudus keur make sapatu
c. Mang Endang keur sibeungeut di pancuran
d. Tatang gegetret wae titatadi


Dua poe nu bakal datang nyaeta ….
a. kamari
b. isukan
c. mangkukna
d. pageto


Basa anu digunakeun dina surat resmi nyaeta basa ….
a. gaul
b. loma
c. sedeng
d. ringkes tapi jelas


Lalakon drama biasana dibagi sababaraha ….
a. bagian
b. babak
c. ronde
d. episode


Lanceukna pinter.
Adina bodo.
Lamun dihijikeun jadi ….
a. Lanceukna pinter, sabab adina bodo
b. Lanceukna pinter, jadi we adina bodo
c. Lanceukna pinter, tapi adina mah bodo
d. Lanceukna pinter, sanajan adina bodo


Bakating ku tunduh … manehna sare dina korsi.
a. guher
b. clak
c. am
d. bus


Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.

————

Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ….
a. 15
b. 16
c. 17
d. 18


Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ….
a. eufimisme
b. metanomia
c. personifikasi
d. hiperbola


Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.
Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”
————

Cutatan tina novel naon carita di luhur teh ?
a. nu ngageugeuh legok kiara
b. misteri haur geulis
c. patepung di Bandung
d. budak teuneung


Anu disebut pangjejer sawala teh nyaeta jalma anu jadi ….
a. pamilon sawala
b. mairan pasualan
c. nepikeun jejer
d. nyatet pasualan


Kecap serepan tina basa Cina, diantarana ….
a. mih, baso, cengkeh, loteng, tauco
b. baju, bedil. cameti, martil, peti
c. adus, dusun, kulem, lali, sasih
d. ajaib, dunya, gaib, hakim, hak, imam


Mulih …, Bu ?
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
a. ti mana
b. ka mana
c. ka dinya
d. ti dinya


Kagiatan tukeur pikiran pikeun maham kana hiji pasualan nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan atawa solusina, nyaeta ….
a. pedaran
b. bahasan
c. sawala
d. biantara


Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?
Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola
Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?
Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah
minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?
Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak
Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?
Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi

————

Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ….
a. latihan kanggo pasanggiri
b. ulin ka sakola
c. latihan drama
d. rek aya pagelaran wayang


Silahkan Pilih Mode Soal: